Polemik Sajak Sunda
Dina mangsa mimiti gelarna sajak Sunda, anu ditaratas ku Kis WS dina taun 1946, waktu anjeunna ngajapapang dina ranjang SR Cideres Majalengka, timbul reaksi anu henteu satujueun kana wangun sajak, da cenah anu asli puisi Sunda mah ngan dangding wungkul. Nya harita timbulna nu disebut “Polemik Sajak” utamana dina surat kabar Sipatahoenan.Di dinya pisan polemik ngeunaan hak hirupna sajak Sunda anu munggaran teh. Hiji jalma anu nyumput satukangeun ngaran Ki Sunda nganggap yen wangun puisi urang Sunda titinggal karuhun anu kudu didama-dama mah dangding, anu dianggap wangunan puisi anu pangsampurnana jeung pangendahna. Tangtu bae sikep kitu teh nembongkeun yen manehna henteu kungsi diajar sajarah bali geusan ngajadina, nepi ka henteu terangeun yen dangding teh lain warisan karuhun Sunda pituin, tapi pangaruh tina sastra basa Jawa. Nepi ka timbul polemik teh, nya kulantaran rea anu henteu satujueun kana pamadegan Ki Sunda. Henteu satujueun dangding dianggap hiji-hijina warisan karuhun Sunda. Henteu satujueun sajak disieuhkeun tina kahirupan sastra Sunda. Tapi rea deuih anu sapamadegan jeung Ki Sunda oge.Sora-sora anu kontra, anu nolak kana ayana sajak Sunda utamana dating ti kalangan sastrawan entragan kolot. Sabalikna, ti kalangan sastrawan entragan ngora muncul sora-sora anu pro, anu ngadukung sangkan sajak meunang tempat dina kandaga sastra Sunda. Atuh lantaran ayana sora anu pro jeung kontra tea, nya muncul polemik deui antara sastrawan ngora ngalawanan sastrawan kolot, masualkeun hak hirupna sajak dina kasusastran Sunda. Cara polemik anu munggaran dina Sipatahoenan, geunaan hak hirupna sajak dina basa Sunda anu ditolak ku Ki Sunda saparakanca ti golongan sastrawan kolot, polemik anu kadua oge anu pangpangna lumangsung dina majalah Warga anu dibobotohan ku Yuyu Yuliati anu nolak sajak jeung Wahyu Wibisana saparakanca, ti kalangan sastrawan ngora anu ngabela sajak , henteu nepi ka jadi hiji kasimpulan anu cindek, sanajan leuwih rame tur jalma anu milu makalangana oge leuwih rea. Lamun polemic kahiji mah lumangsung dina awal taun 1950-an,polemic kadua mah lumangsung dina mangsa pertengahan taun 1950-an kira-kira dina mangsa taun 1955 tur henteu ngan wungkul dina majalah Warga wungkul tapi oge dina majalah jeung surat kabar sejenna oge ngamuat karangan boh anu pro kana sajak, boh ti anu henteu satujueun eta wangunan miboga hak hirup dina sastra Sunda. Jumlah anu ngabela hak hirup sajak Sunda dina polemik nu kadua mah beuki rea sabab harita geus renung barudak ngora anu narulis dina basa Sunda anu leuwih rea nuturkeun sastra basa Indonesia manan macaan wawacan atawa dangding dina basa Sunda anu harita geus hese kapanggihna ku sabab geus geus langka pisan pamedal anu ngaluarkeun buku basa Sunda.Eta barudak ngora the lian ti nembongkeun wawasan anu leuwih jembar ngeunaan sastra Indonesia, aya oge nu nembongkeun leuwih wanoh kana kabeungharan sastra karuhunna, saperti carita pantun, sisindiran, jangjawokan, kakawihan, jsb. Ti kalangan sastrawan ngora the diantarana Wahyu Wibisana, Rukasah SW, Kusnadi PS, Eddi Tarmidi, E. Permana, Hato’an Wangsasendjaja, jeung rea-rea deui. Ari pangarang nu teu kungsi pipilueun polemik, tapi sajak-sajakna nembongkeun ajen puisi anu luhur, anu nembongkeun yen basa Sunda mampuh digunakeun pikeun nulis sajak, atawa leuwih merenah: wangun sajakna the payus tur kupu ditulis dina basa Sunda oge. Hartina hak hirup wangunan sajak dina basa Sunda kudu diaku. Wangunan sajak kudu ditarima. Dina sajak-sajakna Sajudi nembongkeun yen salian ti ayana pangaruh tina sastra Indonesia,inyana oge pageuh ngakar kana tradisi puisi Sunda kayaning anus ok kapanggih dina carita pantun, sisindiran atawa kakawihan. Waktu sajak-sajakna dikumpulkeun tur dibukukeun dina Lalaki di Tegalpati (Kiwari, Bandung, 1963) – anu mangrupa kumpulan sajak munggaran dina basa Sunda – geus taya anu misoalkeun deui ngeunaan hak hirup sajak dina basa Sunda. Ku medalna eta buku khazanah sastra Sunda jadi leuwih beunghar,lain bae jumlah buku basa Sunda nambahan, tapi pangpangna mah ku lantaran sajak-sajak anu dimuat dina eta buku teh miboga ajen puisi anu luhur, nepi ka aya nu ngabandingkeun ajen puisi Sajudi jeung puisi Chairil Anwar dina basa Indonesia.[10]Pangarang Sajak Sunda
Wangunan sajak dina sastra Sunda kiwari, kacida mekarna jeung kacida pentingna. Nu raresep kana sajak, hususna di kalangan para rumaja, prah di mana-mana. Kagiatan-kagiatan sabangsaning maca sajak nu diayakeun ku siswa-siswa sakola lanjutan atawa nu diayakeun ku pakumpulan-pakumpulan kasenian di masrakat geus jadi kailaharan. Kitu deui aktifitas kana nulis sajak. Sirung-sirung nu aya karep jeung aya pangaresep kana nulis sajak, renung di mana-mana. Ti taun 1950-an keneh, anu nulis sajak terus nambahan tug nepi ka kiwari. Ti taun ka taun, ti generasi ka generasi nu narulis sajak beuki nambahan, beuki ngalobaan. Aya nu terus mayeng ngarang nepi ka katelah jadi pangarang sajak, aya oge nu nungtut marekplekan ninggalkeun. Nu narulis sajak dina rupa-rupa majalah jeung surat kabar the karyana kadokumentasikeun dina sawatara buku. Anu geus rea ngahasilkeun sajakna sok terus dikumpulkeun jadi buku kumpulan sajak sarta diterbitkeun. Atuh anu teu kungsi ngumpulkeun, kapilih tur kapeting ku editor buku nu nyusun antologi, boh antologi puisi wungkul, boh antologi prosa jeung puisi. Ti entragan taun 1950-an diterbitkeun dina antologi Kanjut Kundang, beunang nyusun Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga. Ti harita lila taya nu nerbitkeun deui, jebulna deui the dina taun 1992, dina raraga mieling 46 taun sajak Sunda nya eta dina buku antologi Saratus Sajak Sunda, anu dipilih jeung dikumpulkeun ku Abdullah Mustappa. Tilu taun ti harita, taun 1995 terbit antologi sajak dina raraga mapag 50 taun Indonesia merdeka dijudulan Sajak Sunda Indonesia Emas. Ajip Rosidi ge ngusahakeun ngumpulkeun jeung narjamahkeun kana 3 basa Indonesia, Inggris, jeung Perancis dina raraga ngabageakeun Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) taun 2001, terbit Puisi Sunda Modern dalam Dua Bahasa. Disusul ku seri medalna buku antologi panglengkepna anu ngawengku ti awal gelarna sajak tug nepi ka jaman mutahir, taun 2007. Sataun ti harita, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (Sunda) FPBS Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung, nerbitkeun antologi prosa jeung puisi Lir Cahya Nyorot Eunteung, anu ngamuat husus karya-karya alumni jurusan Sunda ti eta paguron luhur. Dumasar dokumentasi eta, ieu di handap kapidangkeun ngaran-ngaran pangarang sajak Sunda ti awal gelarna tug dugi ka kiwari:A.Nu kadokumentasikeun dina antologi Kandjut Kundang (Taun 1950-an n.k. 1960-an)
- KTS (Kadir Tisna Senjaya)
- Ki Umbara
- Utuy T Sontani
- Klara Akustia (A.S. Dharta)
- Kis WS (Kiswa Wiriasasmita)
- SJ.Bastaman
- Tan Bie Hun (Muh.Usman)
- Tien Wiradikusumah
- Ati WR (Tina Rochiati Wiriaatmadja)
- Tini Kartini
- Hasan Wahyu Atmakusumah
- Sajudi
- Kusnadi PS (Kusnadi Prawirasumantri)
- KS Widjaja (Koerdi Soekandawidjaja)
- Yus Rusamsi
- Wahyu Wibisana
- Eddi Tarmidi
- Surachman R.M. (Maman Surachman Radea)
- Kis WS
- Olla S Sumarnaputra
- Tini Kartini
- Hasan Wahyu Atmakusumah
- Sajudi
- Yus Rusamsi
- Surachman R.M.
- Ajip Rosidi
- Kusnadi (Edi) Prawirasumantri
- Wahyu Wibisana
- Eddi Tarmidi
- Apip Mustopa
- Ajatrohaedi
- Karna Yudibrata
- Habibun Wangsaatmadja
- Odji Setiadji AR
- Hikmat Sadkar
- Muhammad Santosa
- Yus Rusyana
- Us Tiarsa R
- Rachmat M Sas Karana
- Sayudin Natadisastra
- Agus Sur
- Eson Sumardi
- Abdullah Mustappa
- Karno Kartadibrata
- Yous Hamdan
- Yoseph Iskandar
- Beni Setia
- Iyas Heriyana
- Hadi AKS
- Dadan Bahtera
- Deddy Windyagiri
- Etti RS
- Usep Romli HM
- Nita Widiati Efsa
- Ade Kosmaya
- Acep Zamzam Noor
- Godi Suwarna
- Eddy D Iskandar
- Juniarso Ridwan
- Rosyid E Abby
- Tatang Sumarsono
- Taufik Faturohman
- Soni Farid Maulan
- Teddy An Muhtadin
- Chye Retty Isnendes
- Darpan Ariawinangun
- Enas Mabarti
- Ano Karsana
- Risnawati
- Hidayat Suryalaga
- Aan Merdeka Permana
- Abdullah Mustappa
- Acep Zamzam Noor
- Achmad Roestandi
- Ade Kosmaya
- Agus Lukmanul Hakim
- Agus Suriamiharja
- Ajip Rosidi
- Aman
- Ano Karsana
- Apip Mustopa
- Asep Ganda Sadikin
- Asep Sunjaya Adhikerana
- Asikin Hidayat
- Asikin I
- Asri Arumsari
- Ayatrohaedi
- Beni Setia
- Chye Retty Isnendes
- Darajati
- Darpan Ariawinangun
- Deddy Anggadiredja
- Deddy effendie
- Dede Sukmadi Dukat
- Dede Syafrudin
- Deden Abdul Aziz
- Dedy Windyagiri
- Deni A Fajar
- Didi D
- Dodong Djiwapradja
- Dudum Sumarja
- Dyah Padmini
- Empu Surawinata
- Endang Supardi DS
- Euis Balebat
- Eddi Tarmidi
- Eddo Sy
- Eddy D Iskandar
Sekian Penjelasan Tentang Polemik Sajak Sunda Jeung Pengarang Sajak Sunda Terima kasih Sudah Mampir , Semoga Artikel Ini Menambah Pengetahuan Agan-Agan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar